Drama
A. Ngaguar Perkara Drama
1. Harti jeung Wangun Drama
Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron.
Nurutkeun kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaeta:
1. Carita sandiwara nu matak sedih
2. Carita nu matak kukurayen jeung matak pikasediheun.
Jadi, bisa di cindekkeun yen drama teh nyaeta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) diantara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan sejena nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran).
Sacara lahiriah dina wujud karangan drama aya hal-hal anu geus maranti, kayaning:
a) Patelaan palaku
anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku. Sok sanajan aya oge drama anu henteu make pertelaan para pelakuna.
b) Babak jeung adegan
anu ngabagi-bagi karangan drama. Dina hiji babak dilalakonkeun kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu.
c) Candraan dina awal babak
nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian, jeung nu lainna.
d) Paguneman
Kalimah langsung para palaku anu silih tempas.
e) Prolog jeung epilog
Prolog teh ditulis dina awal drama, jadi manggala sastra, dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disunguhkeun.
Epilog ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang, beunang dibandingkeun jeung rajah pamungkas (panutup) dina carita pantun.
Disawang tina ulikan sastra, drama teh kaasup Kana sastra lakon. Disebut Kitu, sabab karangan drama teh ngebrehkeun paripolah palaku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, sarta sina manguneman jeung palaku lianna atawa sina ngomong ka dirina sorangan.
2. Tatakrama Mintonkeun Drama
Drama atawa teater teh dirojong ku sawatara unsur, diantarana: pamaen, sutradara, produser, panata musik, panata panggung, panata kostum, panata lampu, panata rias, jeung seksi-seksi kapanitiaan sejenna.
Mun urang rek ngagarap pintonan teater di sakola, sakurang-kurangna kudu nataharkeun hal-hal ieu dihandap:
a) Nyusun Kapanitiaan
b) Nangtukeun para pamaen, sutradara, jeung jadwal latihan
c) Unggal pamaen kudu latihan vokal, lantaran aktor teater mah vokalna kudu ngoncrang.
d) Unggal pamaen kudu latihan ngolah paroman (mimik) jeung rengkak (ekspresi tubuh) jeung
e) Dina prungna pagelaran, kudu kompak tur tartib.
(Sumber: buku simpay bahasa Sunda, 08/02/2017)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar